B. Daerah

Pertanyaan

pek tuliskeun alur carita doneng ajag nantang jelema teh

1 Jawaban

  • Kategori Soal : Bahasa Sunda - Dongeng
    Kelas : VII (1 SMP)
    Pembahasan :

    Dongeng nyaeta karya sastra dina wangun lancaran atawa anu sok disebut prosa. Aya dua rupa karya sastra dina wangun prosa, nyaeta prosa buhun jeung prosa modern. Conto karya sastra dina wangun prosa buhun nyaeta saperti dongeng jeung carita wayang. Sedengkeun conto karya sastra dina wangun prosa modern nyaeta saperti novel jeung carita pondok atawa carpon.

    Dina karya sastra wangun prosa, saperti dongeng, aya sawatara unsur anu ngawangun eusi carita dina eta karya sastra, nyaeta anu disebut unsur intrinsik. Salahsahiji unsur intrinsik anu aya dina dongeng nyaeta unsur alur. Alur nyaeta tahapan atawa rangkean jalanna carita anu ditepikeun ku pangarang dongeng.

    Alur carita dina hiji dongeng biasana ngandung tahapan-tahapan nyaeta pengenalan, timbulna konflik, konflik beuki naek, klimaks, jeung penyelesaian masalah. Sedengkeun rupa-rupa alur anu aya dina hiji dongeng nyaeta alur maju, alur mundur jeung alur campuran.

    Alur anu aya dina carita "Ajag Nangtang Jelema" nyaeta kaasup kana alur maju. Dina carita "Ajag Nangtang Jelema", anu mangrupa tahap pengenalan nyaeta carita yen hiji waktu ajag papanggih jeung peucang, eta sakadang peucang teh rek dihakan ku ajag, tapi peucang boga akal pikeun ngulur-ngulur waktu nyaeta ku cara muji kahebatan ajag.

    Tahap konflik mimiti aya waktu peucang nyebutkeun yen sahebat-hebatna ajag henteu leuwih hebat ti jelema. Konflik beuki naek waktu peucang nyebutkeun yen jelema mah sanajan sukuna dua oge tetep leuwih hebat ti ajag.

    Tahap klimaks nyaeta waktu ajag lumpat rek ngagabrug jelema. Sedengkeun tahap penyelesaian masalah nyaeta waktu jelema anu leuwih sigep ti ajag, ngabedil ajag nepika paehna.

Pertanyaan Lainnya